MAKALAH BASA SUNDA
BANJIR
BANJIR
KELOMPOK 1
KELAS IX-C
HILMI ALI SALAMA
ASEP ROHMAT
DINDA SAGITA
HESTI ANGGRAENI
MIA PAHMIAH
N. NELVI NATALIA
N. WILAWATI
SMPN 1 IBUN
KAB. BANDUNG
2011-2012
PANGJAJAP
Alhamdullillahi
robbil alamin, sagala puji mungguh kagungan Allah dzat anu nyiptakeun alam
dunya jeung eusina. Ku rahmatna Allah SWT urang saparakanca tiasa
ngarengsekeun tugas makalah Basa Sunda
anu judulna “ BANJIR “. Hatur nuhun ka kulawarga, rerencangan sareng ibu/bapak
guru anu parantos ngabantosan urang sarerea nyusun ieu makalah. Sanaos urang
teh nete taraje nincak hambalan, seueur
gogoda sareng cocobi, mung alhamdulilah urang saparakanca tiasa
ngarengsekeun ieu makalah ku pitulung ti gusti Allah. Hapunten bilih aya
kalepatan, kumargi urang nembe di ajar dina ieu pangajaran.kumargi kitu urang
miharep kritik jeung saran ti wargi-wargi sadaya nu dipikahormat. Mugi-mugi
makalah ieu tiasa mangpaat khususna keur salaku nu nyusun, umumna anu maca.
Amin.
Bandung,
Januari 2012
Nu Nyusun
(i)
DAFTAR EUSI
Pangjajap
Daftar Eusi
BAB
I BUBUKA
BAB
II BANJIR
A. Faktor
Anu Ngalantarankeun Banjir
B. Peran
Pamarentah Ngeunaan Banjir
C. Karugian
Anu Dirasakeun Saenggeus Banjir
D. Solusi
Masalah Banjir
BAB
III PANUTUP
A.Kacindeukan
B. Saran
(ii)
BAB I
BUBUKA
Banjir
nyaeta salah sahiji bencana alam anu ngarugikeun urang sadayana, urang sakelompok
nyandak tema ieu kulantaran bencana alam ieu ayeuna mindeng kajadian di daerah
urang. Contona wae di Rancabali, Talun jeung Majalaya. Urang ngarasa prihatin
ku ayana bencana alam ieu kulantaran kajadian wae di daerah urang. Komo deui
ayeuna usum hujan, banjir the bisa wae kajadian unggal poe. Sanajan tema ieu
atos seueur anu uninga, tapi masih keneh menarik kangge dipedarkeun. Sapertos
anu ku urang dipikanyaho tulisan ngeunaan banjir atos seueur pisan jumlahna,
bade makalah, warta, atanapi artikel. Tapi, kasadaran masarakat masih kurang
pisan ku kituna kelompok urang bade ngabahas tema banjir ieu dina tugas makalah
kelompok nu mana dina makalah ieu urang saparakanca bade ngabahas sababaraha
poin ngeunaan tema banjir ieu.
Poin ka 1 : Anu
Ngalantarankeun Banjir
2 : Peran
Pamarentah Jeung Masarakat Ngenaan Banjir
3 : Karugian Anu
Dirasakeun Saenggeus Banjir
4 : Solusi
Masalah Banjir
BAB II
A.
Faktor
Anu Ngalantarankeun Banjir
Faktor anu ngalantarankeun banjir
diantaswisna :
-Kurangna Kasadaran Masarakat
Masarakat sok
miceun runtah kamana wae, atanapi dipiceun ka solokan jeung walungan anu sok
nyebabkeun banjir . Tah si runtah eta teh sok menet di solokan jeung wulangan
anu ngakibatkeun banjir.
-Akibat Caina Menet
Upami caina menet,
pasti si cai teh moal ngalir kusabab menet ku
runtah.
-Nuar Tatangkalan di Leuweung
Balukar tina
nuar tatangkalan teh banjir, lantaran cai hujan teu kaserep ku akar-akar. tatangkalan
nu aya di leuweung, cai nu ti gunung teh turun sakabehna ka handap nu
ngabalukarkeun banjir.
-Hujan Katutuluyan
Hujan teh salah
sahiji faktor anu sering ngalantarankeun banjir upami hujanna katutuluyan.
Upamana di Majalaya , Talun, Rancabali unggal aya hujan ka tutuluyan teh
tangtos cai anu di walungan sok mudal.
-Runtah
Runtah nyaeta
faktor paling utami nu ngalantarankeun banjir. Lantaran ayeuna mah seueur warga
masarakat nu miceun runtah dimana wae. Contona walungan di Citarum ayeuna mah
tos ka cemaran ku runtah sareng limbah-limbah pabrik anu sok ngalantarankeun
banjir.
B. Peran Pamarentah Jeung Masarakat Ngenaan
Banjir
- Perhartian pamarentah ngeunaan walungan kedah leuwih ageung, kusabab
walungan jadi pamalidan cai timana-mana, jeung di walungan teh masyarakat teu
kenging miceun runtah dimana wae lantaran eta teh anu ngabalukarkeun banjir,
kedahna mah pamarentah nyadiaan pamiceunan sampah keur warga masarakat, supados
teu miceun runtah diamana wae.
- Pamarentah kudu leuwih negeskeun kana
aturan ngenaan penebangan liar anu geus
aya. Ku sabab penebangan liar teh salah sahiji faktor nu ngabalukarkeun banjir.
Tatangkalan anu di gunung teh janten panghalang cai turun ka padumukan
masarakat.
-
Reboisasi
Reboisasi
penghijauan pikeun hutan,tah ieu teh penting keur nyegah banjir. Pamarentah
kudu loba ngayakeun program reboisasi keur penghijauan di hutan.
- Pamarentah teu kenging hare-hare wae
kanu ngatasi banjir lantaran eta teh kawajiban pamarentah, salaku pangawasa di
masarakat. Jeung pamarentah kudu leuwih tanggung jawab deui dina masalah
banjir, kusabab eta teh bakal
ngarugikeun masarakat sareng pamarentah oge
bakal rugi kusabab banjir mah bakal ngaruksak pasilitas umum pikeun
warga masarakat.
- Walungan upami ageung mah moal
ngabalukarkeun banjir,kumargi kitu walungan teh kedah di ageungan supados cai
teu menet jueng cai lancar palidna.
C. Karugian Anu Dirasakeun Saenggeus Banjir
-Tembok Raruntuh
Tembok
raruntuh kusabab heunteu kuat nahan cai banjir, da sahaeunteuna mah cai banjir teh
kacida tarikna janten tembok teh teu tiasa nahan cai banjir eta. Jeung bumi teh dibendung, supados cai teu lebet ka
bumi,upami bendungan teu kiat nahan banjir ngabalukarkeun tembok teh raruntuh.
-Kurangna Cai
Bersih
Saenggeus
banjir mah cai anu bersih teh kirang, malahan mah sok teu aya cai bersih teh.
Lantaran sumur-sumur kaasupan cai banjir anu kotor, matak lamun saenggeus
banjir teh sueuer warga masarakat anu meser cai galon kanggo kabutuhan sapopoe.
Jeung deuih lamun banjir mah sanyo oge sok kakareueum jadi raruksak.
-Ruksakna
Pasilitas Umum
Ruksakna
pasilitas umum lantaran ka kareueum ku cai banjir keneh, da saat na teh sok
lami. Contona wc umum teu tiasa di angge deui
lantaran aya keneh tilas-tilas banjir misalna leutak, runtah, jeung
caina sok tara ngocor,jeung sajabana. Janten masarakat anu kabanjiran teh teu
nyaman ngagunakeun pasilitas umum eta. Tapi sanes wc wae, seueur pisan
pasilitas umum teh, contona masjid, pasar, terminal, jeung lain sajabana.
-Babarina
Kaserang Panyakit
Saenggeus
banjir saat, urang teh sok babari pisan kaserang panyakit teh. Sapertos
ararateul, leuncangeun, flu ,jeung sajabana. Anu ngabalukarkeun urang babari
kaserang panyakit eta teh nyaeta dina cai banjir lantaran dina cai banjir teh
kotor jeung seueur bibit panyakit anu ngabalukarkeun panyakit anu tadi.
-Leungitna Harta
Banda Sareng Nyawa
Jeung
deuih saatos banjir teh seueur pisan anu laleungitan sapertos harta banda.
Contona alat-alat rumah tangga, alat-alat sakola, buku-buku pelajaran, jeung
sajabana. Tapi harta banda mah tiasa di pilarian keneh sedengkeun upami nyawa
leungit mah teu tiasa kagentosan.
-Capena Mersihan
Leutak
Upami
atos banjir, cape pisan mersihan letak anu kacida kandelna, leuheung upami
bumina alit sareng babari pamalidan cai mah, ieu bumi ageung jeung pamalidan
caina hese, tangtosna ge kedah ngorbankeun waktos sareng tanaga anu sueuer.
D. Solusi Masalah Banjir
Solusina
masalah banjir mah heunteu lain kedah aya kasadaran ti warga masarakat dina
miara lingkungannana. Sapertos :
-
Teu Kenging Miceun Runtah Dimana Wae
Ayeuna
mah tos teu aneh deui upami aya masarakat anu miceun runtah diamana wae. Salah
sahijina tempat anus ok diandelkeun teh walungan. Walungan jaman ayeuna mah
benten sareng jaman kapungkur, jaman
kapungkur mah walungan teh bararesih heunteu aya runtah, jeung caina oge
ngagenclang herang pinuh ku babatuan. Benten jeung jaman kiwari, jaman kiwari
mah walungan teh caina kiruh, oge ditambih ku limbah pabrik anu sok dipiceun ka
walunagan.
-
Panampungan Runtah
Kulantaran
kurangna kasadaran masarakat, pamarentah kedah ngayakeun atanapi ngadamel keur
panampungan runtah,
-
Teu Kenging Nuar Tatangkalan (Penebangan
Liar) Ilegal
Jaman
kiwari sok aya keneh anus ok ngalanggar eta aturan. Ku kituna urang kudu bisa
ngalarangna, oge mere conto kumaha alusna. Lantaran upami eta diantep,moal aya
leuwueng-leuweung anu asri tur endah,jeung bakal ngalantarankeun banjir. Sabab
teu aya tatangkalan pikeun nyerep cai anu ngeunyeumbeu.
-
Kerja Bakti
Kerja
bakti teh penting pisan, anu kedah di ayakeun di unggal kampung/desa. Sabab
bisa nyegah atawa ngajadikeun solusi dina masalah banjir. Kerja bakti teh kedah
diayakeun rutinan, boh 2 minggu sakali atanapi 1 bulan sakali. Upami eta
diantep, teu diayakeun kerja bakti bakal ngalantarankeun runtah jeung leutak anu
ngabendung.
-
Kudu Silih Ngingetkeun
Ku
kituna, urang kudu silih ngingetkeun, silih asah silih asih silih asuh dina
miara lingkungan satempat. Ngarah kacipta masarakat anu sauyunan dina sagala
rupa masalah.
BAB III
PANUTUP
A. Kacindeukan
Banjir
nyaeta salah sahiji bencana alam anu ngarugikeun masarakat jeung nagara. Banjir
dilantarankeun ku paripolah manusa nu teu nyaah kana kaayan alam. Teu saeutik
karugian anu dibalukarkeun ku banjir, mimiti dina pasilitas anu aya di lembur raruksak,
kakurangan cai anu bersih, panyakit-panyakit anu babari nyerang kana awak
manusa, jueng sajabana. Dibandingkeun kauntunganna, banjir seueur pisan
karugianna anu di raoskeun sakumna warga
masarakat anu sok ngarasakeun kabanjiran. Tah, kumargi kitu hayu ti ayeuna
urang cinta ka alam ku cara tong runtah dimana wae, stop illegal lodging, jeung
loba keneh cara anu sejenna anu tiasa dipidamel ku urang sarerea sangkan teu
banjir. Dimimitian tina hal anu leutik anu sok kaalaman unggal poe. Contona
tong miceun runtah di walungan. Insya
Allah kabiasaan leutik mun dilaksanakeun ku urang sarerea, mangpaatna pasti
bakal karaos ku urang jeung incu-incu urang jaga.
B. Saran
-Pihak
Pamarentah
Pamarentah kedah
ngayakeun program lingkungan bersih, jeung ngayakeun penyuuhan-penyuluhan ka
unggal desa ngeunaan masalah banjir.
-Pihak Masarakat
Ngayakeun kerja bakti rutin, ngayakeun program desa bersih runtah, jeung ngadukung rencana pamarentah nguenaan masalah banjir anu dinilai tiasa ngatasi masalah banjir.